Label thanks Gulageu Follow me on Facebook Follow me on Twitter Gallery Photos in Photobucket Send your e-mail

Friday, June 3, 2011

GUGURITAN

DANGDANGGULA

Meunang: Sopyan Hardyansyah
Bismilahi kawit nuditulis
Papantun raga cacaritana
Kutan inget diri arek
Nyuat nu kasusuat
Pang beubeurah panglipur diri
Dipang pamantunkeunan
Tepikeun kaharu
Teupikeun kangarangrangan
Ari ras sok hayang balik abdi gusti
Raga kagulung-gulung

Mun ras inget asal diri abdi
Ieuh Teu payus dipangmantunan
Nu inget kadiri arek
Nu nyeri diubaran
Pangupah tembang pangajati
Kacapi pamirigna
Teupikeun kaharu
Teupikeun kangarangrangan
Teupikeun ka jasad ceurik pikir abdi
Pisan kumawasa
Nya diri katojo bulan asih
Pamangkat diri harkat martabat
Keun najan diri keun bae
Deudeuh ana deudeuh a
Aduh tong lalawora teuing
Hok sok gera pitresna
Gera buka kalbu
moal arek ngarangrangan
nu gelis pan jati diri pikir suci
diri kumawasa

sing saha ngulik ka diri gening
nalipak enya ayana gandang
keun bae nu atos-atos
ulah diingu-ingu
arek tandang kebatkeun diri
bral miang tandang juang
geura buka pintu
rahmatan lil alaminan
diri tangtayungan

No comments:

Post a Comment